Cingcin Na Juru Meja

Panggih jeung manehna teh, harita, teungah peuting, di handapeun lampu setopan. Curuk nu di acungkeun di jawab ku erem nu di tincak. Panto di pangmukakeun, bus manehna asup. Kuring duaan neruskeun karep, meulah peuting ku gaur mesin. “ Urang istirahat heula di dieu”, ceuk kuring, Mobil dipengkolkeun, muru restoran belah kencaeun jalan. Leumpang gagaleongan, kuring ngahaja milih meja nu pangjuruna. Diuk pahareup-hareup jeung manehna. karek eces kana beungeutna nu kasorot lampu restoran.” Geulis !” ceuk hate. Pikiran masih ngacacang neges-neges eta rupa. Tapi manehna geus ngojengkang, ngajewang kantong, laju lumpat tarik muru ka jalan raya. “ Awewe aneh ! “ ceuk kuring bari ngusapan buuk. Ngan hate jadi ngaleketey ,basa panon ningali cingcin awewe, nu ngagoler na juru meja.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Reni Asmara Budi: Naha bet lumpat? boa-boa sieun piwarang mayar..hehehe...
  2. Apoedy Sarah Ihsan: asa ningal carita cinderella tingaleun cincin.. heuheuheu...
  3. Yanti Sri Budiarti: Haduh?! Boa-boa,...nya?
  4. Muhammad Shohiba Nu'man: saha atuh eta awewe teh, kang Yani?
  5. Irman Dimyatie: Eta cingcin tunangan si Ang Ahmad Yani kapungkur........
  6. Endah Dinda Jenura: emh deudeuh teuing. nuju baluweng, marudah panginten. teu nyandak artos cash, janten nganuhunkeun ku masihan cincin...
  7. Putra Galuh: Beuh.edas kitu,kmh tah nasibna cincin teh kang? tpi punten.bde naros kecap.(teungah)peuting.atanapi (tengah )peuting,hehe punten ah,,nyanyahoanan.
  8. Mamat Supriatna: Ti saha cenah.....?
  9. Nana Sukmana: Sataun sateuacanna turun gunung, eta wanoja tabe ka ingkang guru, "Neda pidua, Nini!". Ingkang guru ukur nyumputkeun imut dina karijut kulit pipina. "Pantrang kagembang rasa ku jajaka!" pokna. Najan halon ngaharewos, tapi nyeceb na hate manehna. Dicekel pageuh saumur-umur. Gawe mah gawe. Lain asmara nu ngagarajag!
  10. Godi Suwarna: :"Cobi upami sakantenan sareng jari manisna nu kakantun teh, Yayi..! Teras utek-utekan dina meja. Nyampeurkeun..! Heuheu.."
  11. Dadang Soekanda: Heuheuy deuh batur jerkut amprok deui... fikmin Kang multi tafsir.. good lah....
  12. Saefull Atk Archiva: sabaraha gram cincina kang Ahmad Yani.....naekeun awewe kana mobil janteun meunang milik......
  13. Ahmad Yani: @Reni Asmara Budi : heu heu heu ...duka tah lumpatna teh da ka daerah ...Melong !! heu heu !
  14. Ahmad Yani: @Apoedy Sarah Ihsan : Cinderella nu kawengian tea ieu mah Ang ! heu heu !
  15. Ahmad Yani: @Yanti SB : Boa-boa .... si eta tea, nu basa kapungkur taeun, teras ku Abdi ... di ..? ha ha ha ha ha !!
  16. Ahmad Yani: @Kang M.S Nu'man : heu heu heu ...nyeta rada kirang teges Ang !, da harita teh pangacian teu acan kempel sadayana, malihanan papah ge, kokoloyongan keneh ... hi hi hi hi hi !!, tapi ari dedegan na mah ised sakedik ti Aura Kasih ! ha ha ha !!
  17. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : hi hi hi ... apal wae si Akang mah, puguh enya manehna teh , urang Kiara Condong tea, nu tilu sasish kapengker ngobrol sareng urang, di gerbong Kosong !!!! ha ha ha ha !
  18. Ahmad Yani: @Teh Endah Dinda : hi hi hi ..Nembe ge di pelong anjeunna teh tos langsung lumpat, duka sieun ku naonnya ?, da raraosan teh gaduh raray, teu pikasieuneun !! he he he !
  19. Ahmad Yani: @Tatang Supriadi : He he he ... Cincin mah ku abdi teh, teras we di pesakan, da aya ukiran nami abdi jeung anjeunna, ha ha ha ! ( Perkawis ..lepat ejaan .. !! he he , hatur nuhun pisan kana koreksina Yayi ....! maklum pangaruh alkohol ...can seep sadayana !! ha ha ha !!)
  20. Ahmad Yani: @kang Mamat : Baluweng keneh nyeta Ang !, ke ah urang taroskeun upami tepang deui sareng anjeunna di pengkolan Kebon Kawung ! ha haha !!
  21. Ahmad Yani: @kang Nana Sukmana : Ambuing ... Yakin, Ang Nana mah ... aya ku seukeut manah teh !! he he .. Neda widi, eta ungkara bade di Copas, asa tegep upami di sambungkeun janten pungkasanna !!, Hatur sewu nuhun Ang Nana !
  22. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : janten hoyong nyobian ah, ngumbar imajinasi nu langkung jero !, karaos janten aheng pisan , upami curuk nu utek-utekan , tiasa nyingkabkeun rahasiah nu nyamuni !! he he !
  23. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda : Ambuing .... !, ingetan jadi ngalayang ka mangsa ka tukang, emut waktos urang nembean pendak, apanan di jonghokkeunna teh ku JERKUT tea ... ha ha ha ha !!! Hatur sewu nuhun Ang !
  24. Ahmad Yani: @Syaeful Atk : Rupina mah, aya kana 5 gram na mah ! heu heu , ngan edas dina lebah mata cincinna , cing borelak ngaran inisial uing sareng manehna !! ha ha ha ha !
  25. Ambuna Kaka: geulis mana sareng cincinna!
  26. Ahmad Yani: @Ambuna Kaka : Heu heu heu ... Nu pasti mah Geulis keneh 'Pangaos Cincinna " ,,ha ha ha ha !
  27. Rudi Riadi: Kang Yani, asa beuki tapis 'ngulinkeun' kecapna. Jempol, Kang.
  28. Ahmad Yani: @Kang Rudi Riadi : Heu heu heu ..hatur sewu nuhun Ang ! Eta rupina pedah minggon-minggon ieu teh, Abdi nuju resep kana Gedang ! he he hehe he !!
  29. Teti Mardiana: Naha cingcina bet dikantunkeun?
  30. Ya Soebarta: Tobaaaaat, ngagilekna raoooos kakang, jempol pun uing ngaleut nyanggakeun....!!!
  31. Ahmad Yani: @ Teti Mardiana : Isin rupina anjeunna teh !. pedah kapendak nuju ... damel wengi di lampu setopan ! heu heu heu !
  32. Ahmad Yani: @Ya Soebarta : Hatur sewu nuhun Nun !, manawi ngahaja di pengkolkeun etang-etang masihan tarucing ka nu maos ! ha ha ha!!